Buku : KANG DEDI MENYAPA JILID 2
Bab 5 : JANJI INDUNG
Ayeuna teh keur usum paceklik, teu boga pare, teu boga duit, bogana
hutang. Terus usum loba anu janji. Pas pemilihan kamari janji bakal
ningkatkeun kasejahteraan rakyatna, rek ngawangun pembangunan rakyatna.
Tapi janji saha anu pasti? Janji indung! Da janji pamimpin mah sok
lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang. Datangna waktu butuh
tapi ari geus ditemponan ka butuhna mah teu datang deui.
Janji
indung anu nunggul, jadi batu karahayuan. Urang dieu boga lembur ngarana
Batununggul. Saha ari batu nunggul? Indung urang. Indung teh lir ibarat
batu anu nunggul ngajentul, ngahulu ngaraga. Naon anu dipapatkeun dina
dirina? Kamulyaan anak jeung incuna dina hiji waktu.
Indung nunggul
sisi cai, indung nunggul di dapur, indung nunggul di goa, indung
nunggul di tengah imah, indung nunggul di sawah, ngajentul nunggul
kahirupanana,
kapanasan, kapoekan, kaanginan, hideung. Tapi dirina
pinuh ku kamulyaan. Hideungna indung teh kamulyaan jeung karahayuan
pikeun ka anak-anakna.
Ku aranjeun dibodo-bodo. Indung aing bodo
teu sakola. Indung aing bodo, bisana ukur nyangu. Indung aing bodo
bisana ukur ka sawah. Ari sia pinter bisana naon? Ngaku pinter nyangu
meunang indung. Indung kuring bodo, gawena ukur ngajentul hareupeun
hawu, gawena ukur ngajentul na luhureun kasur, gawena ngajentul luhureun
galengan, gawena ngajentul na tengah kotakan. Aing dahar
dipangnyangukeun indung, aing nginum dipangmasakkeun ku indung, aing
dahar meunang dibuat ku indung, aing dahar meunang tandur indung, aing
dahar meunang ngarambet indung, aing dahar meunang nutu indung!
Ari
sia gawe naon? Nyatu meunang indung, nginum meunang indung, nu ngala
pare meunang indung, anu dibuat indung, anu ngarambet indung,
anu nutu indung, anu nyangu indung, anu tandur indung.
Anu pinter teh anu sok nyarita, anu sok digawe. nu pinter teh anu
ngahuapan anu dihuapan. Anu ngahuapan teh indung ari anu dihuapan teh
budak. Kuring nu dahar indung anu melak, kuring anu nginum indung anu
masak, kuring nu jajan indung anu ngala duit.
Jadi anu belegug teh
saha? Aing anu belegug da bisana ukur menta, ukur nitah, ukur ngomong.
Belegug aing sakola da ukur ngalahirkeun jelema belegug.aing bisana ukur
ngambek,ukur menta, ukur nitah, ukur ngomong.aing sakola ngan saukur
jadi jelema belegug, sapatu menang dipangmelikeun indung, make baju
meunang dipangmeulikeun indung,nyeuseuhna meunang indung, nyetrikana
meunang indung, nundana dina lomari meunang indung nu ngabajuan ku
indung. Lamun aya sakola jiga kitu bubarkeun sakolana! Kuduna sakolateh
ngalahirkeun jelema pinter,lain ngalahirkeun jelema belegug, Jelema
pinter teh nu bisa ngatur dirina. Memeh sakola hudang isuk isuk, nyangu
ku sorangan, ti imah mangkat ka sakola leumpang, rek disapatu atawa
disendal mangkat. Eta jelema pinter anu kitu.
Lamun rek jadi jelema
pinter eureun jajan, diajar nyangu ku sorangan, diajar ngaput ku
sorangan, diajar meuli sapatu make duit sorangan. Jadi bangsa ieu teh
kudu ngalahirkeun jelema pinter, ulah ngalahirkeun jelema belegug. Mun
rek jadi bangsa kudu mandiri, kudu ngarobah sikap, pendidikan kudu
ngalahirkeun jelema parinter lain ukur pinter ngomongna da kabeh jelama
oge ngomong mah bisa.
Jelema pinter lain tukang tutunjuk,
tutunjukmah kabeh jelema ge bisa, jelema pinter lain tukang nitah,
nitahmah kabeh ge bisa, teu kudu aya sakolana. Tapi jelema pinter the
anu ngarobah dirina, ngarobah lingkunganna jeung ngarobah bangsana tah
nu kitu ngaranna pinter. Sanajan profesor tapi ari barelegug tong
diguruan. Jadi guguru kudu kasaha? Ka indung.
Hey urang
Batununggul, urang Balimbing, Kawungantean, guguru kudu ka indung.
Indung gede kawanina, indung gede hampurana, indung gede kadaekna. Bener
teu? Indung anu ngajurukeun maneh. Tantara can tangtu wani ngajuru,
tong boro perang jeung Malaysia. Bayangkeun maneh kaluar dina tempat anu
sakitu sempitna.
Indung aing ludeungan, ngah peuting hudang ka cai
mangku maneh, ngombehan maneh. indung aing daekan, nyangu, nutu,
tandut, ngarambet, dibuat, nyeuseuh, masak, ngelap kaca, nyitrika,
sasapu, mandian, ngobehan. Teu digajih indung teh,
tapi jadi tong guguru ka sasaha.
Indung teh lir ibarat batu anu nunggul, indung teh bath nunggul, batu
anu ngahiji jeung taneuhna jeung lemahna jeung caina jeung anginna jeung
panon poena. Anu teu unggut kalinduan, teu gedak ka anginan, tara
lanca-linci, luncat mulang udar dina tali gadang, manunggal jeung
dirina.
Batu nunggul teh nyaeta pucakna batu. nununggul. Balimbing
teh lima sisi, papat kalimah tunggal, manjing jeung taneuhna, manjing
jeung caina, manjing jeung panon poena, manjing jeung anginna, manjing
jeung Gustina. Jadi anu batu nunggul teh balimbing anu nepi ka langit,
anu nunggul dina taneuhna. Anu tepi ka langit.
Anu nunggul dina
tanehna teh tukang tani, tukang ojek, tukang beca, tukang ngala suluh,
tah eta nu nepikeun urang ka langit. Bupati bisa dahar sangu haneut
pulen lantaran jasa anu nunggul. Make baju didasian jasa anu nunggul,
ngadahar sate jasa anu nunggul, ngadahar lauk jasa anu nunggul. Jadi eta
jelema anu garede jasana.
* Disampaikan dalam
Safari Budaya di Desa Balingbing,
Pegaden, Subang, 9 Mei 2014.
#inspirasikangdedi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar