expr:class='"loading" + data:blog.mobileClass'>

Jumat, 28 Oktober 2016

KIDUNG IBU PERTIWI (KLININGAN) DEDEH WININGSIH



Lirik Kidung Ibu Pertiwi --Dedeh Winingsih
Ageman para linuhung
patokan bebenteng nagri
pancer na ge nya sa seka
Dayeuh maneuh leumah cai
nu di weungkon Pancasila
nya patokan nagri diri
nyeubar sawur witutur
ageman anu mimiti
sumujud kanu kawasa
sifat sumeja ngabakti
nya berdasar ka Tuhannan
patokan eling Ka Gusti
Iman Tauhid kanu agung
bibitan ngeusi rohani
mangga dasar nu katuar
da sifat kacuneulis kasar
gumilar tur ati suci
Bul kukus mancur ka manggung
ka dewi para pohaci, ka batara sang dewata
Sanghiang dewi pratiwi ka buana panca tunggal
gunung geni lemah cai
neda agung sampurasun sining deudeumit
ka para duru wiksa
mugi ulah hiri deungki sing sami ngajaga
ngajaring ka yang pertiwi
nu tikaler, nu ti kidul, ti teupis piring basisir
nu ti kulon, nu ti wetan
suku gunung lamping pasir nu ngageugeuh panca tunggal
putra putu nu dijaring
Amin ya Robill alamin moga Gusti nangtayungan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar