expr:class='"loading" + data:blog.mobileClass'>

Rabu, 12 Oktober 2016

Buku : KANG DEDI MENYAPA JILID 2 Bab 11 : Kabeh Bakal Ka Sorga





Cing urang tingalian. Ari Kawunganten teh naon? kawung anu nganteng. Nganteng kamana? iyeu kawung ka luhur anu sihungan ka handap anu akaran. Anu nganteng teh anu mana? Nu ka luhur sirungan anu ka handap akaran. Tibalik mun anu ka handap akaran anu ka luhur sirungan, sabab teu boga sirung lamun teu boga akar.
Manusia ulah ngarep-ngarep hayang ka surga, ulah ngarep ngarep hayang deukeut ka Gusti lamun teu nyieun akar di kahirupannana. Ngakar kanu lemahna sabab manusia teh mahluk lemah. Mahluk taneuh ngabdina ka lemahna, melak tangkal eta ge pengabdian, kade para ulama kedah ditegaskeun.
Ajengan teh bisa nyarita ku lantaran aya anu ngakeul, jadi kudu nyarita bahwa nu ngakeul ge bakal asup ka surga. Ulah nu ngakeul wungkul, anu nutu ge bakal asup ka surga, anu ngagandong pare ge bakal asup ka surga, anu melak pare ge bakal asup ka surga, anu melak na kabeh bakal asup ka surga. Kudu nyarita ajengan teh bahwa jamaah kabeh anu di majelis jeung anu diluar majelis bakal asup ka surga.
Asal iklas dinu dirina. Melak pare jeung saha? Gusti. Kuring melak pere teu aya niat nanaon. Anu ngarembet, kuring lain dek ngala bati ngarambet, eta mah keun kadituna meunang dinu ngarambet, meunang belut meunang tutut. Kuring dek naon ngarambetan tangkal pare anu ku Gusti diciptakeun? Sabab iyeu tangkal pare bakal mere kamaslahatan ka kabeh masyarakat. Hey pare, kuring nyarita ka anjeun, mudahmudahan didahar ku jelema anu beriman jeung taqwa ka Gusti.
Mun manggul teu iklas, anu nyangu teu iklas, anu ngadahar teu iklas, nah iyeu anu disebut kawung mabur carulukna. Sia boga tangkal caruluk sing jarentul, ari geus kabur carulukna mah jang naon? Tangkal kawung ngajajar di mana-mana, euweuh carulukan mah euweuh dibawaan, euweuh tungguaneun. Kawung mabur carulukna, samak lengiteun tandana, ciamis tinggal patina. Dina unsur fisika, caina geus leungit unsur-unsur oksigenana, anu aya unsur besi jeung unsur anu sejenna, lamun diinum jadi panyakit. Apan herang tapi kiruh, apan gagah pinter didasi jeung dijas tapi kalakuan nyangsarakeun rakyat. Nu lain dienya-enya, nu enya dilain-lain, ari oray diparaehan ari oorayan ku sia dibeulian, cul dog-dog tinggal igeul.
Ku kituna ulah salah sangka sabab kamulyaan lain di hiji martabat manusia. Manusia mah teu boga jeung teu bisa nyebarkeun kamulyaan. Kamulyaan mah anu hogana Gusti, manusia mah ukur boga wasilah pikeun ngalakonan hirup, kalakonanna teu meunang diaku sabab anu diaku mah budak leutik. Ari jalma dewasa mah ulah sok sagala diaku sabab lamun diaku berarti di maneh, lamun di maneh berarti Firaun anu geus ngajadikeun dirina anu boga kakawasaan.
Jadi kabeh bakal kasurga, asal laku lampahna teteg dinu adeg-adeg kahirupanana, nete taraje nincak hambalang, asup kana rukun iman jeung Islamna, iklas pingaranannana. Mantak ge kolot baheula ulah dianggap teu Islam. Nu nyieun ngaran lembur Kawunganten teh Islam, sabab Islam teh kasalametan, nyalametkeun anu melak tangkal kawung teh nga Islam keun.
Anu melak tangkal kawung teh nga Islamkeun. Nga Islam keun naon? Nga Islamkeun gawir teh supaya teu rurud sabab lamun teu dipelakan tangkal kawung gawirna rurud, lamun gawirna teu rurud teu Islam teu nyalamet keun. Nga Islam teh naon? Ngaislamkeun akar-akarna ambeh ngalahirkeun cai. Cai kadituna diparake mandi, dipake wudhu, dipake susuci jeung nyuci keun dirina. NgaIslamkeun eta teh.
Nu melak pare teh nga Islam keun, anu sasapu teh nga Islam keun, anu mulung runtah di tengah jalan bising paku katincak batur teh nga Islam keun. Sanajan anjeun gogorowokan Allahu Akbar, aya paku di tengah jalan ku maneh teu diangkat, teu dicabut, di tincak ku batur nepi ka tetanus, anjeun teu nga Islamkeun saestuna.
Nga Islamkeun teh nyalametkeun, mantak ge urang silih Islamkeun, silih salametkeun. Silih salametkeun ku sapuna, silih salametkeun ku aritna, silih salametkeun ku bedogna, silih salametkeun ku kawasaanana, silih salametkeun ku ucapanana, silih salametkeun ku lampahna. Insya Allah, Islam jadi rahmatan lii alamin, jadi rahmat ka sakabeh alam, sabab iyeu alam dijaga diriksa kunu eusian jeung dieusianana.
Islam aya dinu gaduh peci, Islam aya anu teu dipeci, ka Islaman aya anu diiket, ka Islaman aya anu dikampret, ka Islaman aya dinu nganggo acuk koko, kaislaman aya anu nganggo kaos. Sadaya dirina bakal nyandak ka Islaman jeung rahmat pikeun kabeh manusia, sabab urang kudu jadi wasilah.
Kulantaran ukur jadi wawayangan, urang mah teu daya teu upaya, hirup ukur sasamperan, awak ukur sasampaian, sariring riring, sarengkak sapari polah, sadaya kersaning Gusti sadaya gerakna Allah, Allah nu gaduh asma, Allah nu gaduh kawasa, kawasa di alam.
Teu aya jeung teu cicing di hiji martabat, sabab lamun Allah cicing di hiji martabat berarti Allah teh mahluk, nembong keun dirina da Gusti mah moal nembongkeun dirina. Kade ulah salah, ngudag kulon tapi ka wetankeun, urang sok salah harti. Mangkat ka tanah suci Mekah pajarkeun dek ngamprokan Gusti padahal mah ka ditu dek ngadekeutkeun urang ka jalma anu jadi wasilah. Sebarna ka kaislaman di tanah alam iyeu kabeh, meh urang dekeut ka nu tatapakanana. Disebutna teh kan napak tilas ari ibadah haji teh, ari napak teh artina nincak. Nete taraje nincak hambalan. Ari tilas teh patilasanana, laku lampah urang Kudu nincak kanu tatapakanana Kanjeng Rasul.
Hiji, tatapakan sareat namina, tanah Kabah jeung tanah Madinah. Dua, tatapakan hakekat nyaeta naon anu dilakokan ku anjeunna, anu jadi ajaran, anu sumebar, anu wawangi ka iyeu patempatan.
Ka dinya teh lain rek neangan Gusti Allah. Barang amprok ningali Kabah, kadituna wujud gusti dibarangkeun, kitu wujud gusti anu dibarangkeun teh, jeung tempat-tempat ibadah, dianggapna tempat barang. Lain, eta mah ukur wasilah. Ulah salah harti, teu meunang dibarangkeun Gusti Allah mah, saha anu ngabarangkeun Gusti Allah sarua jeung ngahina Gusti Allah. Disangka bakal nembongan? Moal nembongan, da lain mahluk. Mantak mah Gusti teu kudu diteangan tapi cukup dilakonan. Ku lantaran cukup dilakonan, geus teu kudu hayang amprok, da engke ge deukeut jeung urang sorangan.
* Disampaikan dalam :
Safari Ramadhan di Kawunganten, Cikaum,
Subang, 22 Juli 2014
#inspirasikangdedi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar