Sampurasun... Paralun anu kasuhun Weuning galih anu dipamrih. Neda agung cukup umur ka Gusti anu kagungan welas jeung asih. Nu ngamparkeun duduga prayoga, anu ngamparkeun satung keping langit, ku Qodo jeung Qodarna, ku Quran jeung katangtuanana.
Allah, Gusti anu Maha Kawasa nyiptakeun alam jeung ahlakna. Ngandung arti nyiptakeun alam teu sagawayah. Sadaya aya aturanana, aturan jeung ugeran ditaati ku anjeuna nyalira anu ngadamel ugeranana.
Ahlak anu jadi ugeran utama pamarentah Sukabumi ceuk kolot aya tilu. Hiji, ahlak ka diri, dua ahlak ka alam, tilu ahlak ka sasama hirup. Ahlak ka diri hartina diri urang, raga urang anu dirancikan ku sukma urang, kudu silih ajenan. Dahar ulah sok leuwih teuing, sare sok ulah leuwih teuing, kudu hudang memeh nyaring, kudu sare memeh tunduh, kudu eureun dahar memeh wareg.
Kunaon kadieunakeun alam dunya meuni siga anu ripuh? Teu baroga ahlak di dirina. Beuteung cukupna ukur saparapat gelas tapi diasupan ku tujuh gelas, atuh heuay. Geus heuay teh sare, geus sare teh hudang deui dahar deui. Atuh panyakit diabetes ngeurekeb dimana mana. Nu antukna leungit ciri urang, cara nu aya ukur bugangna, apan hirup tapi paeh. Apan loba tapi euweuh, cul dogdog tinggal igel, anu lain di enya-enya, anu enya di lain lain. Moro julang ngaleupaskeun peusing, bangkong dikongkorong kujang, ka cai mawa cameti.
Bangkong di kongkorong kujang hartina loba perkara poe ieu anu teu lain dinu perkarana. Kujang teh hebat, pusakana urang Sunda anu diagungkeun dimana mana tepi ka poe ieu. Hampir unggal kabupaten marake lambang kujang. Ngan salah kujangna dikongkorongan ka bangkong, atuh paeh bangkong teh kagencet kujang.
Pamarentah ti pusat atawa daerah hayang minterkeun barudakna. Budak umur opat taun geus di sakolakeun TK, diajar maca jeung nulis, atuh budak teh loba anu stres, da can waktuna. Asup ka SD, sagala diajarkeun ti mimiti basa Inggris, matematika, PNBK, PPKN, 17 pelajaran, anu akhirna teh budak lainna malah pinter tapi malah lieur ku buku jeung pelajaranana. Nu akhirna teh budak disakolakeun nepi ka tamat SMA tapi ka laut teu apal, ka sawah teu apal, ka kebon teu apal. Ari giliran ngajual mah pangheulana.
Lamun budak TK mah diajarna teu kudu loba-loba. Hiji diajarkeun cara make baju, dua diajarkeun cara make calana, tilu diajarkeun nyarita, opat diajar lumpat, lima. diajar hormat ka indung bapana, cukup eta. Budak SD diajar tilu weh, maca, tulis, ngitung. Maca naon? Maca tulisan. Maca naon deui? Maca bapana ka laut, diajar ka laut. Maca bapana ngahuma terus diajar ngahuma. Maca indungna nyeuseuh jadi diajar nyeuseuh, maca indungna ngistrika diajar ngistrika, maca indungna nyangu diajar nyangu. Budak kelas tilu anu geus apal rukun hirupna, geus gedena bakal apal ka uger-ugeran kahirupanana.
Guru disakolakeun palinter tepi ka jadi sarjana. Ngan hanjakal kadieunakeun ku pintena eta guru ka kelas ge mamawa buku. Nu pinter mah teu kudu mamawa buku, der we ku sorangan. Budak kakurung ku buku, ti imah dibawa ka sakola, ti sakola kabawa kaimah, dibaca henteu. Akhirna nulis teu bisa, maca ge teu pati lancar, sabab bukuna loba teuing.
Ku kituna kudu diajar ahlak, ahlak anu mana? Ahlak ka sasama hirup. Nulung kanu butuh, nganteur kanu sieun, nyaangan kanu poekeun, ulah sok pagirang-girang tampian. Sipatna deudeuhan,welasan, asihan.
Ahlak ka alam, can waktuna diala tong diala, runtah sisi laut pulungan, eta teh ahlak. Sabab urang di dieu hirupna ti laut, ti huma, ti sawah. Hartina eta sawah jeung laut kudu diajenan sabab eta mere kahirupan ka urang.
Karuhun urang karuhun Sunda memeh ajaran Kanjeng Rosul datang teh kahirupanana geus pinuh ku ahlak. Geus ahiakul karimah sanajan teu diaku kadieunakeun mah. Pan loba ahlak anu diaku tapi ari ahlakna pangpalingpang jeung kaahlakanna, cul dogdog tinggal igel tea. Apan Allahu Akbar tapi nyabok batur. Ku kituna mudah-mudahan kaditunakeun urang kaancikan ku karuhun urang Pajajaran, kaancikan oge ku Kanjeng Rosul.
Disampaikan dalam Safari Budaya
di Desa Ujung Genteng, Sukabumi,
11 Januari 2013
#inspirasikangdedi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar