expr:class='"loading" + data:blog.mobileClass'>

Senin, 19 September 2016

Dedi Mulyadi : "GEURA TABEUH GOONG MANEH......JALU!"

Geura tabeuh goong Maneh....Jalu!
Ngaduhan daru jeung sora goong nu lian
Malar batur nyarahoeun
Hideup teh geuning teu pire
Lain mangsana urang ngadedempes hees
Dina wanci kudu nyaring
Lain wayah urang leah
Malah mangmaneurikeun maneh
Majar teh lain eleh
Tong katalikung ku tukang
Mangsa di cang cang ku tambang
Meunang ngarala sorangan
Meunang mapaes ku hengker
Hese ingkah, hese lengkah
Dicanggreud ku sagala ulah
Akon akon adi luhung
Geura tabeuh goong maneh..........Jalu!
Geus mejeuhna nepak dada
Baheula dicarek soteh keur jaman silih eledan
Ayeuna mangsana tandang
Geura teuneung, geura ludeng, geura jorag sing pertentang
Anjeunmah lain Bageutir.........Jalu!
Tapi JANGKRIK siap tarung
#inspirasikangdedi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar