expr:class='"loading" + data:blog.mobileClass'>

Minggu, 25 September 2016

Buku : KANG DEDI MENYAPA JILID 2 Bab. 6 : ULAH NGALEUWIHAN WATES




Paralun anu kasuhun, weuning galih anu dipamrih, ajrih ka
pihatur ka anu rawuh di ieu patempatan, anu calik saamparan sajajaran. Teu cacah, teu menak, teu kiai, teu jamaah, teu lurah, teu masyarakatna, kabeh sarua. Tah anu kieu disebutna ajaran masjid. Ari masjid teh ngamparkeun saamparan sajajaran, rek pamimpin rek rakyat anu pangheulana, anu panghareupna, pangpandeurina, anu pangtukangna.
Di Sunda baheula aya kerajaan disebutna Pajajaran. Arti Pajajaran teh ti kalimat sajajar, an sajajar teh sabarisan, an sabarisan teh geus ngahiji antara pamingpin jeung rakyatna. Disebut pusakana layang jamus kallmah sada, dua anu dihijikeun. Matak ge di Purwakarta dimimitian lamun daerah aya gapura disebutna gapura kembar. Ari gapura teh wates anu ngabedakeun urang jeung urang, urang teh di watesan.
Aya sareat aya hakekat. Aya tarekat aya marifat. Tah eta nu ngawatesannana, dua jadi hiji disebut manunggal. Pamingpin teu menang aya wates jeung rakyatna, kudu ngahiji kudu manunggal. Kanyeri rakyat kanyeri pamingpinna, kanyeri pamingpin kanyeri rakyatna. Rakyat geuring pamingpin ngalongok, pamingpin gering rakyatna ngalongok. Lain dibalikeun rakyat gering pamingpin teu ngalongok, pamingpin gering rakyat teu ngadoakeun.
Naon anu jadi batesan urang? Pangampura Gusti. Kuring bisa hirup model kieu ku lantaran menang pangampura ti rakyatna, menang pangampura ti babaturannana. Meunang pangampura ti lurah Cikampek Timur jadi bisa kadieu. Kadituna meunang pangampura ku Gustina. Hukum urang ukur hiji, anu teu menang dilakonan nyaeta ngaleuwihan wates.
Matak ge dipuasakeun supaya menang pangampura, supaya meunang harepan, kudu ulah ngaleuwihan wates. Puasa teh ngajarkeun ulah ngaleuwitan
wates. Ieu aya anu aneh di Indonesia, pan bulan puasa teh ‘urang ngurangan dahar, asalna tilu kali jadi dua kali, asalna loba jadi saeutik. Bulan puasa
teh bulan ngurangan nginum, sagala di kurangan. Kunaon
sagala dikurangan tapi harga jadi, marahal?
Naon sababna? Tetela di bulan puasa urang can bisa nguasakeun
diri supaya teu ngaleuwihan wates, nu aya karak mindahkeun wates. pindahkeun dahar ka subuh, sagala dihakan pas subuh. Padahal dipapantes tepi ka engke lebaran gaiah oge dahar saur mah moal geunah.
Sabab naon? Sabab lain waktuna dahar, waktuna hees. ujian ti Allah meh urang daek hudang, meh hudang ulah kapiheulaan ku kongkorongok havam. Daharna kuduna mah keun we samahina, sacukupna. Sabab sanajan loba dahar can tangtu tanagana gede. Nu ngagedekeun tanaga urang pas isuk teh lain lobana dahar waktu saur tapi niat urang rek puasa.
Engke sore geus rek dibayangkeun deui wae keur buka. Sunnah Nabi buka teh sareng anu amis-amis, kumargi Kanjeng Nabi lahirna di Mekah nya anu amisna teh kurma. Kanjeng Nabi nuang korma, teu seueur paling ge hiji dugi ka
tilu. Ngan beda jeung urang, korma sapuluh, tambah kolek, tinggang ku cendol, es kalapa, nya heueuh sop buah.
Geus eta kadar gulana naek, lumpat ka sirah, tunduh, hajar deui ku kejo. Nya heueuh bari kieu teh bari nangkarak di korsi bari digeber-geber make hihid. Riweuh kolot da sagala mahal, tanggal 21 geus riweuh. Meuli baju teu kabedag. Riweuh deui wae.
Sarua oge, kunaon harga jengkol naek? Sabab anu ngadahar jengkol loba tapi anu melak euweuh. Kunaon harga kolang-kaling naek? Sabab anu ngadahar kolang-kaling loba tapi an anu melak kawungna euweuh, malah dipaehan. Saha? Careuh.. Pan kuduna urang lamurn amprok jeung careuh teh mere salam, “Assalamu’alaikum, nuhun careuh, sia geus mangmelakkeun kawung, aing jadi bisa ngadahar kolang-kaling”. Amprok jeung oray kuduna ge mere salam, “Nuhun oray sia geus ngahakan beurit”. Ieu mah orayna ge diala ku urang.
Rek iraha atuh rep sidakep sinuku tunggalna, ngahijikeun beuteung jeung peurihna. Geus peurih leungit nu aya kabungah dinu dirina. Mingkin lapar mingkin deukeut ka Gusti. Rep tepi ka teu eling dirina, anu aya ukur Gustina, napasna La Ilahaillallah. Kitu atuh puasa teh.
Ieu acara urang teh tadi dibuka ku kendang, ngan lain rek jaipongan atanapi tepak tilu. Urang maca shalawat. Geus kitu kendang deui wae disangkana rek aya wayang golek. Lain deui wae, tapi anu aya kidung. Naon hartina? Urang teh boga pakaya seni anu dibawa ku para wali. Aya kendang, aya bonang, aya goong, aya gitar, aya piano, kabeh anu nyiptakeun urang Islam.
Ngan kadieunakeun ku urang teu dipake, dipakena ku bangsa batur, kadituna dieusian ku hal-hal anu teu ngadeukeutkeun ka Gusti. Ku kuring makana diganti supaya kendang diarahkeun ka Gusti, gitar diarahkeun ka Gusti, kabeh kidungna ge dika-Gustikeun. Meh kesenian Sunda teh kesenian Islam di jerona. Ari palebah kabeungharan antara rebana jeung kendang teh alus keneh kendang kabeungharan suarana mah. Suling eleh. Urang boga kakuatan.
Tah anu kieu teh ceuk kuring anu kesenian Islami. Naon sababna? kendangna Islami, ngeunah kanu ceulina, sound sistemna Islami da ngeunah kanu ceulina. Islami teh kudu alus kanu ceulina sabab ceuli kudu dianter ku gelombang elektro magnetik. Gelombang ieu mangaruhan pikiran, tinu pikiran terus mangaruhan rasa. Mantak ge Kangjeng Nabi miwarang Bilal nu azan sabab Bilal gaduh kakuatan suara anu luar biasa jeung anu bisa mangaruhan pikiran jelema anu ngadengekeunnana.
Sok kidung heula sabait. “Asmana asihna Gusti, ngawasa teu kumawasa”. Di alam dunya ieu teh ukur hiji anu aya di diri urang, ka asih-Na Gusti. Ku lantaran asihna Gusti, dosa jeung anu sejenna disingkirkeun. Ditutupan ku kaasihna. Gusti teh nitipkeun kaasih di indung, indung ngawakilan Gusti dina ningalikeun kaasihna. Pernah teu indung nyabokan budak kulantaran budakna nyieun salah? Da jarang. Ditarima we salah budakna.
Ieu kaasihna Gusti, kawasa teu kumawasa. Gusti kawasa ngeureunkeun anu jahat tapi da henteu. Kabeh diatur kumawasa. Dibikeun ka naon? Ka hukumna anu di sebutna Sunatullah. Keun maneh arek nyieun kagorengan da jang maneh sorangan. Maneh arek nyieun kahadean prak da jang maneh sorangan. Urang Sunda nyieun kalimat melak cabe moal jadi bonteng, melak bonteng moal jadi cabe”.
Geus sabait deui. “Ngagurat beurang ku caang”. Beurang teh pan ku caang sabab lakuning manusa nyieun kahirupan dunya ti beurang hukumna. Ceuk elmu ketenagakerjaan teh kasanggupan jelema digawe dalapan jam, dipotong istirahat sajam jadi tujuh jam. Ayeuna ILO geus nyieun katentuan ngan genep jam kakuatan jelema teh.
Islam geus nyieun hukum baheula dinu hukum budaya nyaeta lamun macul sabedug, ti jam geunep nepikeun ka jam dua belas, sabedug geus jam dua belas mah teu menang gawe deui. Geunep jam Islam eta teh. Eta hukum anu kuduna dipake dina undang undang ketenagakerjaan.
Ayeuna tingali anu digawe di pabrik. Ti jam genep nepi ka jam satu, jam satu ganti shift deui, ganti shift deui. Beurang dijieun peuting, peuting dijieun beurang. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku.
Terus sabait deui, “Peuting simpe teh ku poekna”. Sing jujur, puasa urang baheula keur zaman .uweuh listrik jeung geus aya listrik, ngeunah zaman mana palebah puasana? Keur poek listrik, saurna make cempor, bedug ngadurugdug didengekeun da harita mah can aya jam, ngadengekeun ka nu azan.
Pan ayeuna mah azan geus diwakilan ku TV, tadarus ngadengekeun we dinu TV da cenah sarua pahalana. Pan ripuh budak urang geus teu apal kana bentang, teu apal kana bulan, kabeh beak ku listrik. Jadi leungit sistem tafakur teh. Matak kuring nyarita, lamun kuring jadi Presiden, di bulan puasa sabulan ku aing listrik rek dipareuman, sina caricing we, irit meureun nya.
* Disampaikan dalam
Safari Ramadhan di Cikampek Timur,
Cikampek, 7 Juli 2014
#inspirasikangdedi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar