Ayeuna loba anu sagala hayang tapi sagala embung. Dahar beuki, lalajo hayang, pake hayang alus, ngaroko hayang anu mahal, tapi ngingu domba embung, ngarit embung, ngingu hayam embung, melak jengkol embung.
Ari sagala embung mah tong sagala hayang. Ari euweuh kadaek tong loba kasusah, sabab jelema anu loba kasusah mah jelema anu euweuh kadaek. Datang kadieu urang geus di tagih ku pa Lurah. Ceunah jalan pangomeankeun, imah rakyat miskin pangbangunkeun, rakyat pangsunatkeun, anu geuring pangubarankeun, budak teu sakola pang sakolakeun.
Tapi teu nanaon. Itung-itung Indonesia menta bantuan ka Malaysia we. Da tatangga, ukur di bedakeun belah ditu jeung belah dieu. Geus gampang urusan babari kabeh, rek sarakola STM tah geus dibuka sugan buka keneh, pek sarakola.
Atuh engke geus lebaran geus aya Pak Sekda jeung Kepala Dinas
Kesehatan. Engke aya gempungan di dieu, obatan jeung disunatan. Ngan palebah omean jalan aing teu sanggup, nya an ngomean imah saeutik-eutikkeun bisa. Ke taun hareup di Purwakarta aya 23 rebu imah rakyat miskin rek dibangun kabeh ku pamarentah. Ke Bupati Purwakarta rek ngabangun jalan ti Cikao Bandung, Kotamanah, Kertamanah, Ciririp, Sukasari, Tarung Banteng, Sukamukti.
Ieu teh jadi saksi yen wates wilayah teu jadi halangan pikeun urang, pikeun ngahijikeun diri urang. Sabab urang teh asalna sarua, asal lahir asal batin, asal sareat asal hakekat. Kaditu na asal daek.
Asal batin urang teh pan batin na sarua, hate sarua, hate urang Cirama Girang, Cirama Hilir, Pasir Jambu, Tegal Datar, sarua kabeh ge hate na. asal na sarua, timana alam na, ti alam poe bihari, iraha alam poe bihari the? ke ku Pak Jujun di jelaskeun, iraha ari alam poe bihari. Ari alam poe bihari teh alam anu euweuh panon poe na, euweuh beurang euweuh peuting, alam
nu euweuh ukuran na na, euweuh luhur euweuh handap.
Alam mana? Alam asal. ari aam asal di mana? Teu aya kalimat dimana sabab alam asal euweuh tempatna model kieu. Tah asalna ti dinya urang teh. Di mana eta teh? Téu bisa ditunjukkeun ku curuk sabab ieu lain urusan sareat, sabab ieu lain urusan fikih, sabab ieu lain urusan dunya. Lamun anu ditunjukkeun ku curuk mah urusan dunya. Kaler, ngidul, ngulon, wetan, luhur, wetan, eta ku curuk.
Ari alam eta mah teu dicurukkeun ku curuk,
ditunjukkeunna ku rasa. Rasa anu mana? Rasa anu unggal poe boga
rumasana. Anu jelema beurang peuting, beurangna nyaring peutingna nyaring. Beurangna varing peutingna eling.
Nu mana? Nu teu kahalangan ku gunung anu lima, teu kahalangan ku hawa panonna, teu kahalangan ku hawa irungna, teu kahalangan ku hawa ceulina, teu kahalangan ku hawa letahna, tap ukur ngahijikeun diri jeung Gustina. Alam teu aya bedana, teu sieun maot teu sieun hirup, kabeh ceuk manehannana sarua sabab geus istiqomah, diri jeung Gustina geus ngahiji, euweuh beurang euweuh peuting.
Kulantaran kitu teu kudu sombong. Urang Purwakarta geus mimiti sombong yeuh ayeuna, “Tingali atuh di urang mah dibatesan wilayahna ge”. Eta mah ciri administratif lain jang kasombongan. Administratifna Purwakarta belah dieu tah, tah di dieu mimiti na bates administratif. Ulah, kade sombong, teu menang.
Kelamun urang dieu sakola kaditu ulah dicarekan, prak, sabab urang teh asalna sarua, teu cacah, teu menak teu anu pinter teu anu bodo, kabeh ge sarua dihareupeun Gusti. Nu mana anu bakal balik, anu wening ati na, anu leah manahna, cunduk pituduh hirupna. Kasaha pituduh hirup cundukna? Ka anu wening ati. Nu wening ati anu mana? Nu clak herang caang bulan opat belas jalan gede sasapuan, teu geuneuk teu maleukmeuk, balungbang timur narawangan.
Clak herang anu mana? Nu hade pikiranana, anu tiis ceulina, anu herang matana. anu clak herang jeung anu tiis ceulina. Herang tara ngadenge kagorengan, tara ngadengean kaawonan, tara ngadenge piomongeun. Herang matana kabeh anu asup kana ceulina disaring, ka nu hatena jadi kabersihan, teu mantak jadi geuneuk kanu dirina. Rek di carekan, rek di baledog, rek di sias sia, rek di goblog-goblog, rek di anjing-anjing angger sabab anu tepi kanu dirina jadi kalimat anu indah pikeun kahirupannana.
Caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, lengkahna dicaangan ku bulan. Lantaran lengkahna dicaangan ku bulan, bulan anu ngegebur. Lain anu ngagebur diditu tapi anu ngagebur dinu hatena. Opat belas, opat tambah hiji teh lima. Jalan gede sasapuan nyaeta jalan anu kacida endah na. Ikhdinasyiratal mustaqim. Lempeng ka ditu. Tah ieu jeléma anu boga pituduh. Tah ti dinya asalna.
Nu kadua asalna asal sareat, kabeh ge sarua asalna. Rek nu kasep rek anu geulis asalna ti nU cai mani, ti nu ovum awewena. Sperma bahari dasarna tinu dahareun, dahareun dasana tina tatangkalan, tinu bungbuahan, tinu beubeutian, tinu sasatoan.
Jadi anu unggal poe gawena ungsrak-ingsreuk wae tadina teh turunan domba. Lamun anu gawena teh baeud we turunan sampeu, lamun gawena cungas cengos wae turunan bebek. Lamun anu cawat-ciwit wae bangkong, tah kitu. Anu melengkung wae, hatena teh bengkok wae, eta ti nu toge. Ieu bahan dasarna ti dinya.
Nah, geus ulah sombong, anu kieu-kieu oge bahan dasarna sarua. Geus teu kudu dipikiran da engke ge balikna ka alam anu sarua. Ka alam padang poe panjang nagara tunjung sampurna. Nu mana? Nu bersih. Nu rasana anu bakal balik teh eta, ragana balik deui ka alam asalna, dikubur deui. Sok anu geulis sombong geus maot mah euweuh hargaan.
Masalah jalan eta mah urusan manusa, jadi lamun di Purwakarta jalanna geus rada ngageleser, kuring teh nyeri hate sabenerna mah sabab rakyat kuring jadi teu zikir ka Allah. Ti barang jalanna alus di Purwakarta loba rakyat anu maraot, budak leutik ka nu motor cilaka, kebon di jual, sawah dijual jadi balangsak.
Mantak ge program jalan leucir ku kuring rek di eureunkeun. Sabab naon? Sabab rakyat Purwakarta jadi mariskin. Can waktuna make motor, geus make motor. Can waktuna make mobil geus make mobil. Mending lamun duit sorangan, pan sagala digadekeun. Imah digadekeun jeung motor, ‘ditewak ku polisi lumpat ka belah ditu, pan rangsak.
Mending keneh jalan goreng. ngagejlug ngomong Allahu Akbar, ngagejlug Subhanallah, begitu nanjak jalan goreng bari kanu motor ti pepereket ngomong Lailahlailallah, pan alus. Pan kadituna barudak jadi teu harayang motor,
jadi laleumpang deui, pan alus. jadi sarehat, jantungna sehat. Biaya keur pengobatan rumah sakit turun sabab model di Baduy jalma laIeumpangan deui.
Listrik rek dieureunkeun prograrri’na sabab ku aya listrik
jadi lalajo tipi wae, tepi ka lieur pas pemilihan presiden. Mun bisa mah listrik teh urang poekan deui. poek listrik mah alus da teu kudu mikiran tiap bulan mayar listrik. Ku poek listrik mah budak teh jadi ngaraji, ti nu cempor caricing. Ku caang listrik mah barudak lalajo tipi wae tepi ka ayeuna. Pan ieu ripuh, ku tipi ripuh, lumpatna ka Playstation, budak euweuh gawe.
Ayeuna ngala suluh diganti ku elpiji, pan riweuh. Budak euweuh gawena, balik sakola maen game, geus maen game momotoran. Rek sagala boga kumaha? Sagala teu boga. Ka sawah geus embung, ngurek teu pati bisa, nguseup teu bisa, kana keong teu pati beuki, daharna hayang jeung endog tapi ngingu hayam teu daek.
* Disampaikan dalam Safari Ramadhan
di Cirama Girang, Cikalong Kulon, Cianjur
pada 12 Juli 2014
#inspirasikangdedi