Sampurasun...
Sampurna ning ingsurn. Anjeun teh saha, keur di mana, asalna ti mana, rek balikna kamana. Paralun anu kasuhun weuning galih anu dipamrih, kapihatur kasadayana sumping ka ieu patempatan sanes bade nebarkeun pacengkadan, nanging bade nebarkeun wening kaasih yen antar urang jeung urang teh asalna dulur.
Dulur saturunan-saturunan Pajajaran. Dulur saamparan Pajajaran anu kapisahkeun ku sejarah. Sabab mun carita raja Pajajaran mah lobana di Majalengka lain di Purwakarta. Tepi ka raja Galuh teh pan aya di dieu tempatna. Kulantaran raja mah boga wiwaha, landung kandungan laer aisan, leuleus jeujeur liat tali tara, melengkung bekasnyalahan, komo ieu lembur namina lembur Putri Dalem. Ari putri teh naon? Putri teh kasucian. Disebutna parawan. Kadituna kembang nagara.
Kadituna kembang wiwaha, kadituna kembang kahirupan karajaan. Jadi putri mah teu kena ku umur. Aya putri anu sataun, dua taun, rek putri anu sabaraha rebu taun ge tetep putri moal robah. Linggihna di kaputren.
Putri teh cirina mahkota. Nu kahiji, putri teh boga mahkota. Ari mahkota teh kahormatan nu ditunda di luhur dinu embun embun anu disebutna pusaka. Urang wayang disebutna cupumanik astagina atau layang jamus kalimusada anu dilelepkeun dinu sirahna Yudhistira.
Layang jamus kalimusada nyaeta dua anu ngahijikeun. Manusa bumi jeung langitna, taneuh jeung caina, panon poe jeung panasna, angin jeung tiisna, tangkal jeung iuhna, panon jeung awasna, ceuli jeung danguna, irung jeung angseuna, letah jeung ucapna, hate jeung ikhlasna.
Sing saha manusa anu ngawasa eta pasoalan, anu ngawasa eta pusaka, maka bakal jadi lalaki langit lalanang jagad. Bisa nurus bumi ngapak mega, leumpang dina
luhur cai, tah eta ageumanana. Sing saha anu jadi pamingpin anu ngahiji jeung rakyatna, gerak dirina, gerak rakyatna, bakal jadi lalaki langit lalanang jagad, boga mahkota anu dihargaan ku hamba rahayatna.
Sing saha anu boga mahkota dinu dirina bakal kaluar wawangi jeung seseungitan, lir ibarat kembang malati anu seungit lain jajadian. Cing saha anu geus ngahijikeun diri jeung alamna? Sing saha anu geus ngahijikeun pamingpin jeung rakyatna? Sing saha anu ngahijikeun ulama jeung adatna jeung ajaranana jeung jamaahna maka bakal leungit diri ilang rasa, anu aya kari wawangi salilana bakal wawangi.
Di Jawa Barat disebutna Siliwangi. Kadituna bakal jadi putri anu parawan salilana. Kukituna putri dalem, mahkota ayana di kaputren, di dalemna di mana? Dinu rasa jeung rumasa. Pa kuwu mingpin rakyat ku rasana, dalem dirina, kadituna ku rakyatna, dalem, dalem. Ceuk urang Cianjur disebutna dalem, kadituna Bupati sabab jabatan pangluhurna jaman itu nyaeta Bupati.
Ari dalem teh naon? Pamingpin. Ari pamingpin ayana ti dalem, dinu jero hate rakyatna. Lamun pamingpin geus aya dinu jero hate rakyatna, umurna lain lima taun, lain sapuluh taun, tapi
. salilana. Salila rakyat jeung negara aya eta pamingpin aya dinu hate rakyat.
Kukitüna Dangiang Galuh Pakuan. Dangiang teh naon? Dangiang teh wiwaha. Ari Galuh teh tina kalimat galeuh. Ari galeuh teh rasa. Simkuring tadi karek mulang ti Kawali. Doktor-doktor ti Unpad nuju ngorekan taneuh, bade mendakan alam Galuh ka tukang, tos kapendak.
Ari Galuh teh dina kalimat gaeluh. Ari galeuh teh rasa. Rasa teh dina hate. Hate teh sipatna rasa. Ari rasa teh hate. Jelema anu boga hate bakal karasa. Lamun keur ngenah hate, tingtrim diri, merenah rasa, dahar jeung daging teh nikmat. Tapi lamun keur teu ngeunah hate, dahar jeung sambel hungkul teu ngeunah. Didinya rasa, eta rasa boga panempatan.
Nu katiluna rumasa. Ari rumasa teh abdi. Mun ceuk bahasa arabna abdi, kadituna hamba.
Jelema anu hamba teh jelema anu ngabdi. Nu ngabdi ka jirim simkuring. Ari jirim simkuring teh naon? Aya ji, aya rim, aya kuring. Ari jirim teh mana? Tah ieu raga badan. Ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal. Jirim kawengku ku waktu kajireun ku mangsa. Nu kadua aya isim. Isim teh anu ngeusianana.
Nu katilu, eta isim ulah diaku ku jirim. Lamun eta isim diaku ku jirim, eta isim umurna pondok, eta isim keuna ku kakiihan, kena ku batal wudhu. Tapi isim moal kena ku batal wudhu lamun isimna teu diaku. Sabab isim anu saha? Nu kuring. Kuring anu deukeut jeung diri kuring, anu leuwih deukeut tibatan urat beheung kuring. Sing saha anu apal ka dirina, jirimna, jeung isimna, bakal apal ka Gustina.
Hirup ukur sasampeuran, awak ukur sasampiran, sariring riring dumadi, sarengkak sapari polah. Mangga nyanggakeun Gusti.
Hirupna ukur dua warna. Hideung jeung bodas. Hideung teh lambang kasuburam, lambang kasatriaan, hideung lambang digawe. Jelema nu barodas didarasi, make mobil alus, make dasi, kulantaran menang anu harideung. Juragan sawah moal ngarasa juragan lamun euweuh anu macui, lamun euweuh anu tandurna, mun eweuh anu mabukna, lamun euweuh
anu ngawulukuna, lamun euweuh nu ngagarutna, lamun euweuh anu ngala parena, larnun euweuh anu ngagebot parena, lamun euweuh nu nangtakna, euweuh hartina. Sawah lega jadi juragan, bisa bodas kulantaran aya anu hideung.
Kukituna jelema hideung saestuna jelema bodas. Sabab manehna geus bisa ngangkat harkat martabat nu sejenna. Nu hideung ku lantaran aya anu bodas, anu bodas ku lantaran meunang anu hideung.
Ieu rasa jeung rumasa. Pamingpin ngabdi ka rakyatna, sumujud ka rakyatria. Guru sumujud ka muridna, engke murid sumujud ka guruna. Kadituna aya kalimat bumi manjing ka langitna, ti langit seah ka hujanna, lembur subur ka kota bagja, masjid jeung diri ngahiji. Elmu geus aya na semu, harta geus ngawujud harti, hukum geus ngawujud adil, nyanding pamingpin ka rakyat, pandita ajeg wiwaha, ngucap jeung lengkah sarua, pitutur ngawujud subur, giat ngawujud ka adat.
Bumi manjing ka langitna. Bumi, langit. Bumi teh hideung, langit teh bodas, geus ngahiji teu papisah deui. langit seah hujan, turun hujan jadi kamakmuran jeung kasuburan. Lembur subur kota bagja, di lembur subur, patani sugih, padagang di kota beurat beunghar
Masjid jeung diri ngahiji. Jelema anu geus ka masjid, ngahiji jeung masjid, ngahiji jeung dirina, masjid dibawa jeung dirina, unggal menit unggal detik jajantungna adeg-adeg kahirupanana disada ‘Laa illa ha illallah’. Geus ngahiji jeung dirina.
Elmu geus aya na semu. Elmu lain diajarkeun, lain diucapkeun. Tapi aya dinu perilaku dirina. Jadi amal kahirupanana. Harta geus ngawujud harti, harta lain ditulisan di bank, lain angka angka perbankan, tapi harta jadi kahirupan masyarakat. Nulung kanu butuh, nalang kanu susah, nganter kanu sieun, nyaangan kanu poekeun.
Hukum geus ngawujud adil, hukum geus teu dicaritakeun, aya kaadilan dimana-mana. Nyanding pamingpin jeung rakyat anu geus manunggal. Ayat ngawujud ka adat, ayat-ayat jadi peradaban. Ayat anu ditulis jeung anu teu ditulis. Nu ditulis Quran, anu teu ditulis ayat alam kabeh. Aya tangkal jadi adab, jadi iuh. Jelema ngariuhan di handapna. Aya walungan jadi tempat lauk anu jadi kahirupan. Aya sawah diparean, parena jadi kahirup an.
Disampaikan dalam SAFARI BUDAYA KANG DEDI MULYADI
di Desa Putri Dalem, Jati Tujuh, Majalengka,
Pada 29 Mei 2014
#inspirasikangdedi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar